Khutbah Jumat Terbaru Bahasa Sunda, Tema Tujuan Hirup Manusa, Lengkp Khutbah I II dan Doa Penutup

- 9 Maret 2023, 17:21 WIB
Khutbah Jumat Terbaru Bahasa Sunda, Tema Tujuan Hirup Manusa, Lengkp Khutbah I II dan Doa Penutup
Khutbah Jumat Terbaru Bahasa Sunda, Tema Tujuan Hirup Manusa, Lengkp Khutbah I II dan Doa Penutup /Pixabay

JURNAL MEDAN - Simak dalam tulisan ini contih Khutbah Jumat Terbaru 2023 Bahasa Sunda tetang tujuan hidup insan di dunia.

Tema khutbah jumat dalam kesempatan ini Tujuan Hirup Manusa.

Lengkp Khutbah I II dan Doa Penutup.

Uraian teks khutbah jumat selengkapnya.

Baca Juga: PSG dan Lionel Messi Hancur Lebur, Ini 4 Tim yang Lolos ke Perempatfinal Liga Champions

KHUTBAH PERTAMA

إِنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ، وَنَعُوذُ بِاللهِ مِنْ شُرُوْرِ أَنْفُسِنَا وَمِنْ سَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَا، مَنْ يَهْدِ اللهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ. أَشْهَدُ أَنَّ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ. اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى نَبِيِّنَا وَرَسُوْلِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى ا للهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ، أَمَّا بَعْدُ؛
فَيَا عِبَادَ اللهِ، أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِيْ بِتَقْوَى اللهِ، اتَّقُوا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنَّ إِلاَّ وَأَنتُمْ مُّسْلِمُوْنَ.

Qoolallahu ta’aala fil qur’anil ‘adzim

وَمَا خَلَقْتُ الْجِنَّ وَالْإِنْسَ إِلَّا لِيَعْبُدُونِ

Sidang jumat rohimakumullah. Saba’da manjatkeun fuji miwa syukur ka Allah azja wajala. Dzat anu maha murah sareng maha asih, dzat anu maha ngamudahkeun sagala rupi urusan hamba-hamba-NA
Henteu hilap sholawat miwa salam mugia salamina tumeteup ka jungjunan urang sadaya, habibana, wanabiyana Muhammad SAW, Ka keluarga-Na, ka sahabat-Sahabat-NA, Ka para tabi’in, tabi’ut tabi’in nu insya Allah dugi ka urang sadaya salaku umat-NA
Salajeungna. Khotib wasiat khususna kanggo khotib pribadi umum na ka kaum muslimin anu aya di ieu majlis “hayu urang sami-sami taqwa ka Allah Azja wa jalla, kalayan taqwa nu saenya-enyana jeung dimana wae urang ayana. Nu diwujudkeun ku ngalaksanakeun naon wae anu tos diparentahkeun ku Allah, sareng ngajauhan naon wae anu tos dicegah ku Allah Azja wa jalla. Margi mung ku taqwa nu jadi jalan kasalametan hirup didunia rauh di akhirat.
Sidang jum’at rohimakumullah
Aya hiji ungkapan bahasa Arab “Al insaanu mahalul khotho wa nisyan”. Ari manusa teh tempatna salah jeung poho. Terkadang urang salaku manusa dina ngalakonan kahirupan sadidinteun sok kabengbat ku amisna papaes dunya anu menipu, sahingga urang poho kana naon tujuan awal diciptakeuna urang sadaya.
Mangga perhatoskeun QS Adz dzariat ayat 56, Didinya Allah SWT dadawuh
وَمَا خَلَقْتُ الْجِنَّ وَالْإِنْسَ إِلَّا لِيَعْبُدُونِ
Jeung teu pati-pati kami nyiptakeun jin jeung manusa kajaba pikeun ibadah ka kami.

Kumargi kitu, tos janteun kawajiban urang sadaya salaku papada muslim pikeun silih elingan, silih wasiatan dina kabeneran. Hayu atuh urang manfaatkeun waktu di alam dunia anu sakedeng ieu, teu aya sanes nyaeta pikeun ibadah ka Allah Azja wa jalla. Tekad ucap urang, pola fikir urang, tingkah polah urang sadaya ti ngawitan gugah kulem dugi ka bade kuleum deui. teu aya saneh ditujukeun pikeun ikhlas ibadah karena allah SWT jeung mihareup kana ridhona Allah SWT.

Baca Juga: Referensi Khutbah Jumat Singkat 10 Maret 2023. Pentingnya Pendidikan Adab untuk Generasi Muda

Dina hadist qudsi disebatkeun. Nu hadistna katampi ti Abu Hurairah RA, Saenyana Rasulullah SAW sasanggeum:
Qoolal laahu ta’aala (dadawuh Allah Ta’aala) Yaa ibnu aadam (hai anak adam) tafarrogh li’ibaadatii ( tekunlah ibadah ka kami) amla’ shodroka ghinan ( niscaya bakal kami pinuhan dada anjeun ku kabengharan) wa asudda faqroka ( jeung bakal kami tutupan kafaqiran anjeun) wa in laa taf’al (jeung lamun anjeun teu migawena/ tegesna jeung lamun anjeun teu ibadah ka kami) mala’tu Shodroka syughlan ( niscaya bakal kami pinuhan dada anjeun ku kasibukan) wa lam asudda faqroka ( jeung kami moal nutupan kafaqiran anjeun)
HR AT -Tirmidzi sareng ibnu majah.

Sidang jumat rohimakumullah

waktu dina sadinteun sawengi sabaraha jam anu digunakeun pikeun ibadah? Upami dileunyeupan ku urang sadaya waktu sadinyeun sawengi nu 24 jam ieu langkung seeur keneh digunakeun pikeun digawe,langkung seeur keneh dianggo pikeun kulem tibatan waktu anu dianggo pikeun ibadahna.
waktu nu dipake digawe atanapi aktivitas rutinitas sadidinteun anu sejena, tiasa nyeepkeun waktu 8 sampai 10 jam, atau bahkan tiasa lebih. Kulem bisa sampai 6 dugi ka 8 jam sadinteun. Atau bahkan bisa lebih. Lajeung sabaraha jam anu dianggo ibadah?
Memang betul ! Digawe atanapi kasab neangan kipayah pikeun nganafkahan kaluarga bisa jadi ibadah, ka sakola bisa jadi ibadah, ka pasar bisa jadi ibadah, ka sawah bisa jadi ibadah, ngalakukeun aktivitas rutinitas sadidinteun nu sejena oge bisa jadi ibadah.
Tapi nu kumaha nu disebat ibadah teh?
ari ibadah numutkeun ulama teh nyaeta:

اَلْعِبَادَةُ اِسْمٌ جَامِعٌ لِمَا يُحِبُّهُ وَيَرْضَاهُ قَوْلًا كَانَ اَوْفِعْلًا
“ari anu kasebut ibadah teh nyaeta sakabeh kecap atawa lampah anu dipikarido tur dipikacinta ku Alloh swt.”
Kumargi kitu: naha urang sadaya dina satiap bade didamel atanapi ngalakukeun aktivitas nu sejena parantos diniatan ibadah ikhlas karana Allah, lajeung ngucapkeun Bismillah nalika bade ngawitana, lajeung sapanjang ngalakukeun aktivitas eta urang nyandak nilai-nilai kataqwaan ka allah SWT?
Nu aktivitas na dipasar, pami diniatan ibadah, insya allah manehna moal licik ngurangan timbangan. Moal ngucapkeun sumpah sumpah palsu sangkan payu dagangana. Nu aktivitasna disawah pami diniatan ibadah. Insya allah moal wani berbuat dzolim ka batur. Nu aktivitasna di kantor, di instansi atanapi di lembaga mana wae, pami diniatan ibadah, insya allah manehna bakal nyumponan kawajibana kalawan sungguh-sungguh, jeung manehna moal wani nyandak sakedik wae oge barang anu lain hakna. lantaran maranehna ngarasa terus diponcongok ku Allah, sahingga sieun upami ngalakukeun padameulan padameulan anu henteu dipikaridho ku allah jeung bakal ngundang murkana Allah SWT.
Sidang jumat rohimakumullah
upami teu acan kitu !, lajeung iraha atuh urang ibadahna?. Aya anu beranggapan, AHH ibadah mah cukup we sholat hungkul. Sabab cenah sholat teh hiji amalan wajib anu gede pahalana, jeung bakal pang payuna dihisab ku Allah SWT.
Naha beut ngarasa cukup ibadah teh ngan ku sholat hungkul?
pernah teu urang ngemut. Kumaha mun sakabeuh sholat urang teu ditampi ku Allah SWT lantaran urang lalai dina sholatna?
lajeung sabaraha loba urang sholat rurusuhan sahingga teu aya kahusuan jeung teu puguh bacaana?. Sabaraha kali urang ninggalkeun sholat nu lima waktu lantaran sibuk ku urusan dunia?

Sidang Jumat rohimakumullah
waktu sholat nu lima waktu dina sadinten sawengi, upami diakumulasikeun jeung jatah umur urang sadaya dialam dunia. Jumlahna teu nyampai saparapat-parapatna na acan tina jatah umur urang. Mangga we urang sami-sami etang. Sadinteun sawengi aya lima waktu sholat. dina satiap waktu sholat urang nyeepkeun waktu antara 10 sampai ka 15 menit. berarti dina sadinteun sawengi waktu nu dipake pikeun sholat kurang lebih ngan sajam. upami rata-rata umur manusa di alam dunia teh 65 tahun. dipotong ku usia baligh 15 tahun sisana 50 tahun. waktu anu dipake sholat dina sadinteun sawengi sajam dikalikeun salama 50 tahun. jumlahna kurang lebih ngan 2 tahun. berarti salama 50 tahun dialam dunia, waktu anu dipake pikeun sholatna mah kurang lebih mung 2 tahun. langkung seeur keneh waktu anu dianggo pikeun kulem. 8 jam sapoe di kali salama lima puluh tahun. hasilna kurang lebih 17 tahun waktu anu dianggo pikeun kulem. berarti sapertiluna tina jatah hirup urang dialam dunia dipake pikeun kulem. matak rugi pami tea mah waktu urang dialam dunia ieu ngan dilobakeun pikeun kulem. sabab engke urang bakal kulem salama-lamana ninggalkeun alam dunia.
Sidang jumat Rohimakumullah
tina salama lima puluh tahun dialam dunia, 2 tahun waktu anu dipake sholatna. Eta oge belum tentu sholatna bermakna, berpahala, jeung ditampi ku allah SWT.
upami tea mah sholatna berpahala. Rasa rasana teu sabanding jeung perbuatan dosa-dosa anu dilakukeun salama lima puluh tahun, saperti halna, dina ucap sok aya bohong, aya janji anu sulaya, aya amanat anu khianat, jeung kadzoliman kadzoliman anu sejena deui. maka lain hiji hal anu teu mungkin, urang salaku umat diakhir zaman. bakal minuhan naraka sebagai balasan tina kalalaian urang sadaya.
Dina surat al ma’un Allah dadawuh

{فَوَيْلٌ لِلْمُصَلِّينَ الَّذِينَ هُمْ عَنْ صَلاتِهِمْ سَاهُونَ}
“Maka kacilakaan pikeun jalma-jalma anu sok sholat, nyaeta maranehna anu dina sholatna lalai (QS al ma’un 4-5)

Dina tafsir ibnu katsir. Numutkeun ibnu abbas nu disebat fawailul lilmushollin teh nyaeta sholatna jalma-jalma munafiq. Kumaha atuh ari ciri sholatna jalma munafiq
Allah dadawuh dina qs an-nisa ayat 142
إِنَّ الْمُنَافِقِينَ يُخَادِعُونَ اللَّهَ وَهُوَ خَادِعُهُمْ وَإِذَا قَامُوا إِلَى الصَّلَاةِ قَامُوا كُسَالَىٰ يُرَاءُونَ النَّاسَ وَلَا يَذْكُرُونَ اللَّهَ إِلَّا قَلِيلًا
saenyana jalma-jalma munafiq teh nipu Allah, jeung Allah bakal ngabales tipuan maranehanana, jeung dimana-mana maranehna nangtung pikeun sholat. Maranehna nangtung bari males, maranehna ngamaksud riya ku sholatna dihadapan manusa. Jeung henteu maranehana nyebut Allah. kajaba saetik pisan.

Lajeung upami numutkeun ata ibnu dinar, nu dimaksad lalai dina sholatna teh nyaeta:
1. maranehna anu nunaikeun sholatna lain diawal waktu, tapi nangguhkeun sampai ka akhir waktu secara tuluy tuluyan jeung geus jadi kabiasaan.
2. maranehna anu nunaikeun sholatna henteu memenuhi rukun jeung syaratna sesuai anu tos diparentahkeun
3. maranehna anu dina sholatna henteu aya kahusuan jeung henteu ngarenungkeun kana maknana sholat.
maka saur anjeuna sholatna nu kitu teh dikelompokeun sebagai sholatna jalma munafiq.

Dina kitab shohihain Rasulullah Saw kantos sasanggeum:

«تِلْكَ صَلَاةُ الْمُنَافِقِ، تِلْكَ صَلَاةُ الْمُنَافِقِ، تِلْكَ صَلَاةُ الْمُنَافِقِ، يَجْلِسُ يَرْقُبُ الشَّمْسَ حَتَّى إِذَا كَانَتْ بَيْنَ قَرْنَيِ الشَّيْطَانِ قَامَ فَنَقَرَ أَرْبَعًا لَا يَذْكُرُ اللَّهُ فِيهَا إِلَّا قَلِيلًا»

Tuh eta teh sholatna jalma munafiq. 3x. Manehna diuk nungguan panon poe, sahingga dimana-mana panon poe geus aya diantara dua tanduk syetan (yakni bakal titeuleum) manehna nantung pikeun sholat jeung matukan saloba 4 kali (dina hartos sholatna gancang) laa yadzkurul laahu fiihaa illa qoliilan ( manehna teu nyebut allah dina sholatna kecuali ngan saetik pisan)

Hal ieu mangrupikeun gambaran sholat ashar diakhir waktu. Manehna sholat bari gagancangan saperti manuk anu ker matukan kadaharana. Sholatna teu aya dina tumaninah jeung kakhusyuan. Maka dikecam ku Rasullah SAW sholatna jalma nu kitu teu nyeubat2 nami allah dina sholat melainkan mung hanya sakedik pisan.

KHUTBAH KADUA

الْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِي أَرْسَلَ رَسُولَهُ بِالْهُدَى وَدِينِ الْحَقِّ لِيُظْهِرَهُ عَلَى الدِّينِ كُلِّهِ وَلَوْ كَرِهَ الْمُشْرِكُونَ
أَشْهَدُ أنْ لا إلَهَ إلا اللهُ وَحْدَهُ لا شَرِيكَ لَهُ، وأشهدُ أنَّ مُحَمَّدًا عبْدُه ورَسُولُه.
فَيَا عِبَادَ اللهِ، . أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِيْ بِتَقْوَى اللهِ فِي السِّرِ وَالْعَلَنَ، فَاتَّقُوا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَأَطِيْعُوْهُ وَالرَّسُوْلَ لَعَلَّكُمْ تُفْلِحُوْنَ. ،

Sidang jumat Rohimakumullah

Dina khutbah nu kadua ieu. Hayu urang sami sami ngadoa ka Allah SWT kalayan pinuh kaikhlasan sareng kakhusyuan. Mudah mudahan Allah swt maparin kakiatan sareng kasabaran ka urang sadaya dina ngalaksanakeun sagala rupi kataatan ka Allah SWT. Lajeung hayu urang sami sami nyuhunkeun ampunan Allah SWT. tina sagala rupi kaikhilafan urang sadaya dialam dunia ieu.
إِنَّ اللهَ وَمَلاَئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلَى النَّبِيِّ، يَا أَيُّهاَ الَّذِيْنَ ءَامَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَالتَّابِعِيْنَ أَجْمَعِيْنَ.
اللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ، وَالْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ، الأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَالأَمْوَاتِ، إِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدُّعَاءِ. اللَّهُمَّ اجْعَلْ جَمْعَنَا هَذَا جَمْعًا مَرْحُوْمًا، وَاجْعَلْ تَفَرُّقَنَا مِنْ بَعْدِهِ تَفَرُّقًا مَعْصُوْمًا، وَلا تَدَعْ فِيْنَا وَلا مَعَنَا شَقِيًّا وَلا مَحْرُوْمًا. اللَّهُمَّ إِنَّا نَسْأَلُكَ الْهُدَى وَالتُّقَى وَالعَفَافَ وَالغِنَى.
رَبَّنَا اغْفِرْ لَنَا وَلإِخْوَانِنَا الَّذِينَ سَبَقُونَا بِاْلإِيمَانِ وَلاَ تَجْعَلْ فِي قُلُوبِنَا غِلاَّ لِلَّذِينَ آمَنُوا رَبَّنَا إِنَّكَ رَؤُوفٌ رَحِيمٌ رَبَّنَا لا تُؤَاخِذْنَا إِنْ نَسِينَا أَوْ أَخْطَأْنَا رَبَّنَا وَلا تَحْمِلْ عَلَيْنَا إِصْراً كَمَا حَمَلْتَهُ عَلَى الَّذِينَ مِنْ قَبْلِنَا رَبَّنَا وَلا تُحَمِّلْنَا مَا لا طَاقَةَ لَنَا بِهِ وَاعْفُ عَنَّا وَاغْفِرْ لَنَا وَارْحَمْنَا أَنْتَ مَوْلاَنَا فَانْصُرْنَا عَلَى الْقَوْمِ الْكَافِرِينَ
رَبَّنَا لا تُزِغْ قُلُوْبَنَا بَعْدَ إِذْ هَدَيْتَنَا، وَهَبْ لَنَا مِنْ لَدُنْكَ رَحْمَةً، إِنَّكَ أَنْتَ الوَهَّابُ
رَبَّنَا ظَلَمْنَا أَنْفُسَنَا وَإِنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ الخَاسِرِيْنَ. رَبَّنَا آتِنَا في الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفي الآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ
عِبَادَ اللهِ :إِنَّ اللهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَالإِحْسَانِ وَإِيْتَاءِ ذِي القُرْبَى وَيَنْهَى عَنِ الْفَحْشَاءِ وَالْمُنْكَرِ وَالْبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ

 

Editor: Ade Kurniawan


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x